Skip to main content

Gaya Basa Ngupamakeun

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.

Dina istilah sejen, gaya basa teh mangrupa corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.


Gaya Basa Ngupamakeun (Simile)


Gaya basa ngupamakeun nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji hal jeung hal séjén nu ngandung harti saperti. Gaya basa ngupamakeun biasana sok ngagunakeun kecap babandingan saperti badis, kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat, jeung sajaba ti éta. Gaya basa ngupamakeun teh ngabandingkeun atawa ngupamakeun barang anu geus disebut saméméhna jeung barang deui nu lian. Ari barangna, bisa barang hirup bisa ogé barang paéh.

Titénan contona di handap!

1.    Lumpatna tarik kawas peucang.
2.    Jajang mah siga bapana, awakna jangkung gedé.
3.    Ajat mah henteu sagala bisa kawas lanceukna.

Conto kalimah di luhur téh kabéh ogé mangrupa babandingan. Lumpat anu tarik disaruakeun jeung lumpat peucang, awak Jajang anu jangkung gedé dibandingkeun jeung awak bapana, pangabisa Ajat dibanding-banding jeung pangabisa lanceukna. Eta kabéh kaasup kana gaya basa ngupamakeun.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap kawas jeung siga atawa jiga. Duanana ogé mibanda harti anu sarua. Anu béda téh lebah ngalarapkeunana. Kecap kawas  tuduh kana kalakuan atawa pasipatan; ari kecap siga/jiga dipaké pikeun nétélakeun rupa atawa dedeg-pangadeg.

Salian ti kawas jeung siga/jiga, kecap-kecap anu sok dipaké dina gaya basa ngupamakeun téh di antarana: cara, saperti, ibarat, lir, badis, bangun jeung kadya.

Conto séjénna:

1.    Leumpangna diucad-aced kawas nu keremieun.
2.    Nyaritana norostos kawas kacang ninggang kacang.
3.    Manéhna mah sagala dipaké jiga kapstok leumpang.
4.    Ari manéh gawé téh ngan supak-sépak kawas kuda keur kumincir.
5.    Beungeutna alum kawas nu keur ngemu kabingung.
6.    Kuring jeung manéhna mah béda pisan, ibarat langit jeung bumi.
7.    Awakna laleuleus ngarumpuyuk lir kapuk kaibunan.
8.    Leumpangna ngalénghoy kadya macan teu nangan.
9.    Bahrum hulang huleng bangun nu bingung.
10.    Budak téh badis bapana.
11.    Adatna kawas indungna.
12.    Lina mah cara merak, beuki pisan kana lada téh.
13.    Anakna geulis lir widadari turun ti kayangan.

Macem Gaya Basa Ngupamakeun


Lamun ditilik tina wandana, aya dua rupi gaya basa ngupamakeun, eta rupi gaya basa teh nya eta:

Babandingan Kabaheulaan (Kaasup Kana Basa Pakeman)


Gaya basa ngupamakeun babandingan kabaheulaan mangrupa gaya basa ngupamakeun nu miboga kecap-kecap nu geus matok, nyaeta kaasup kana pakeman basa sunda. Dina gaya basa ngupamakeun rupi babandingan kabaheulaan, gaya basa ngupamakeun kabagi deui janten dua macem, lamun ditilik tina kecap babandingan nu dipakena. Macem nu ka hiji nyaeta gaya basa ngupamakeun kabaheulaan nu make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa). Mung macem nu kadua, teu make kecap babandingan.

Titénan contona di handap!

a.    Gaya Basa Ngupamakeun Kabaheulaan Nu Make Kecap Babandingan
•    Angkat cara macan teu nangan.
•    Jiga bueuk meunang mabuk.
•    Kawas kapuk kaibunan.
•    Siga careuh bulan.
•    Asa dina pangimpian.

b.    Gaya Basa Ngupamakeun Kabaheulaan Nu Make Kecap Babandingan
•    Pipina kadu sapasi.
•    Ambekna sakulit bawang.
•    Nyaliksik ka bubuk leutik.

Babandingan Jaman Ayeuna

Gaya basa ngupamakeun babandingan jaman ayeuna mangrupa gaya basa nu ngupamakeun hiji hal jeung hiji hal nu lian, namung heunteu kaasup kana pakeman basa. Gaya basa ngupamakeun jaman ayeuna tiasa make kecap-kecap nu modern nu luyu jeung kaayaan, tur biasana mangrupikeun basa sarepan tina basa Indonesia (majas) jeung basa Inggris.

Titénan contona di handap!

•    Gancangna kawas pesawat jét.
•    Kawas Roméo jeung Juliét.
•    Ronaldo lumpatna tarik pisan kawas peucang.
•    Ari manéh gawé téh ngan saré waé kawas si Kabayan.
•    Usep mah siga bapana, awakna jangkung badag.

Sawaréhna deui tina basa serepan.

•    Babadamian téh manggih jalan buntu.
•    Waktu téh sarua jeung duit.
•    Angin subuh ngeharéwos.

Sumber


Diolah tina google.co.id

Sumber gambar : etismegasari.files.wordpress.com

Comments

Popular posts from this blog

Sejarah Kerajaan Gowa, Kerajaan Gowa-Tallo, Hingga Kesultanan Makassar

Sebelum Islam datang, Kerajaan Gowa telah berdiri dengan Tomanurung sebagai raja pertama. Namun, tak banyak catatan sejarah yang menyebutkan perjalanan kerajaan tersebut.

Kapan tepatnya berdiri kerajaan pun tak ada data sejarah yang mengabarkan. Menurut Prof Ahmad M Sewang dalam Islamisasi Kerajaan Gowa: Abad XVI Sampai Abad XVII, Kerajaan Gowa diperkirakan berdiri pada abad ke-14.

Sebelum kerajaan tersebut berdiri, kawasannya sudah dikenal dengan nama Makassar dan masyarakatnya disebut dengan suku Makassar. Wilayah ini pun pernah menjadi bagian kekuasaan Majapahit.

Gowa dan Tallo pra-Islam merupakan kerajaan kembar milik dua bersaudara. Berawal di pertengahan abad ke-16, pada masa pemerintahan Gowa IV Tonatangka Lopi, ia membagi wilayah Kerajaan menjadi dua bagian untuk dua putranya, Batara Gowa dan Karaeng Loe ri Sero. Hal ini dikarenakan kedua putranya sama-sama ingin berkuasa.

Batara Gowa melanjutkan kekuasaan sang ayah yang meninggal dunia dengan memimpin Kerajaan Gowa sebagai R…

Sudut Pandang Pada Teks Cerpen

Sudut pandang atau pusat pengisahan merupakan unsur cerita yang berkaitan dengan bagaimana peran seorang pengarang (narator) dalam menyampaikan ceritanya. Sudut pandang dalam teks narasi (teks cerpen termasuk teks narasi) terdiri atas sudut pandang orang pertama dan orang ketiga.


Sudut Pandang Orang Pertama Sudut pandang orang pertama memiliki ciri-ciri sebagai berikut:
1 | Menggunakan kata ganti orang pertama. Contohnya aku, saya, atau kami.
2 | Pengarang tampil menyampaikan kisah yang dialami sendiri. Contohnya: "Selama berada di Jakarta, kami mendapat pengalaman yang sangat menyenangkan...."

Sudut pandang orang pertama dibagi menjadi dua jenis: orang pertama sebagai pelaku utama dan orang pertama sebagai pengamat

Orang Pertama sebagai Pelaku Utama
Pada jenis ini, pengarang terlibat langsung dalam menyampaikan kisahnya dan berperan langsung sebagai tokoh utama. Dengan kata lain, orang pertama mengisahkan dirinya sendiri.

Contoh teks :
Aku mulai mempersiapkan perkawinanku. B…

Gangguan, Kelainan, dan Penyakit Pada Sistem Pernapasan Manusia

Manusia bukanlah makhluk yang selalu sempurnya di setiap sisinya. Kadangkala manusia terserang gangguan, kelainan, dan penyakit pada tubuhnya akibat dari perilaku yang mereka lakukan sendiri atau bahkan karena gangguan dari makhluk lain dan lingkungannya. Ada banyak sekali gangguan, kelainan, dan penyakit yang bisa saja menyerang manusia. Berikut ini adalah gangguan, kelainan, dan penyakit yang berkaitan dengan pernapasan pada manusia.


Tuberkulosis (TBC) | TBC adalah penyakit hasil infeksi oleh bakteri Mycobacterium tuberculosis yang penularannya terjadi melalui udara. Proses infeksinya yakni, bakteri masuk dan terkumpul di dalam paru-paru, kemudian menyebar melalui pembuluh darah, menginfeksi hampir seluruh organ tubuh seperti paru-paru, otak, ginjal, tulang, saluran pencernaan, dan kelenjar getah bening, kemudian pada paru-paru terbentuk tuberkel (koloni bakteri yang dorman/istirahat), selanjutnya jika kekebalan tubuh kurang baik, tuberkel akan bertambah banyak dan membentuk ruangan …